Rabu, 22 Agustus 2012

Note the edge of the Sunda




hariring kuring gentra katineung ...




Jalan nu kiwari keur disorang
Ngembat reuma mangsa nalikung harepan
Karasa lengkah beuki longkewang
Basa jalan implengan rarumpil ngarunambing lalakon

Aduh Gusti Anu Nyangking Asih
Duh Pangeran Nu Ngawasa jagad
nu wanoh jeung kereteg hate
rumaos abdi mahluk nu teu wasa nyingkiran asih

Tulungan atuh Gusti kuring teh tulungan ...

Jalan mana nu rek disorang ku kuring?
Sedeng halimun beuki mongkleng
Ngulambuan teuteup jeung renghap
Kari kalangkang sukma nu mangprung tunggang pangharepan

tengah peuting geuning mireng deui gending
nu harita mirig ringkang papasangan di basisir
wirahma angkleungan ombak ngaweuhan deui di dieu
di rohang remeng nu teu weleh semu ngembeng ku kakangen
lalaunan galindeng rumpaka gandrung ngajak nyoreang katineung
mirig sukma kumalayang ka sagara pamedar gebur purnama

sora hitar ngajentrengan hariring laguning peuting
ngageterkeun pucuk lilin nu keur nyewuk niruk peteng
kawas parahu cumelak ngarambah jaladri mongkleng
terus ngangkleung nembus dingding nu ngelun badis halimun
lalaunan ngaleongkeun angen-angen balayar ngambah ungkara
nilar raga nu ngalungsar ditandasa lalancip titilarasna

ieu lagu nu teu weleh ngaweuhan ti sedong waktu
kapireng bet beuki ngoncrang satengahing dingding jempling
sada gentra nu antare ngagupaykeun mangpirang rema kaheman
barang ringkang katalimbeng tengahing parungpung peteng
aya galindeng kamelang nu mulangkeun sahurunan pangacian
samemeh gedur balebat ngaduruk rorongkong peuting..




"wilujeng kantun, jungjunan! citangis tawis kakangen
baris teras nyikaracak nyarengan ringkang awaking!"
kitu harewos hiliwir angin di jalan nu beuki jempling
galindengna nyidem inghak da hinis nulak genggerong
jam dingding geuning ngiberan yen waktos nu pamungkas
baris cunduk nyampeur ringkang nu nyorangan mapag tunggara ...





Torehan  kidung  ti majalah Mangle





wawan surya
Member SFI
Member Reality Networkers




merchant 
Search Engine

Tidak ada komentar: